Search site


Contact

Kabargarut
Riani indah, jl raya Cibatu Garut, Cibatu Garut 44185

Telp.
0262 482 00 52
085 221 852 852

E-mail: kabar_garut@yahoo.com

Penulis : Yayat Ruchiat, SH

Sekertaris II PK KNPI Kadungora

 

 

 Tawis  Kadeudeuh Tuang Putra

 Kanggo Kang Fikri Miwah Kang Dicky.    

 

Kang sim kuring nyeratan teu gaduh emutan awon.Mung reaksi tina seueurna riak di handap,anggap Seurat ieu “ Tawis Kadeudeuh Ti Tuang Putra “

       Saur sababaraha referensi anu pernah di aos,karakteristik pemimpin anua sae.Anu Insa Alloh nyandak maslahat kanggo diri sareng umatnya nyaeta :

  • Jujur  : Mangrupi kompas moral kanggo navigasi organisasi tina nyandak kaputusan

Penting sareng tina ngajalanken organisasi pamarentahan.Pamimpin jujur janteun teladan kanggo anak buahna,pamingpin teu jujur ibarat racun.Insa Alloh kahandapna oge pasti teu jujur lir cai disusukan.Kotor ditonggoh pasti kotor kaleubakna oge.

  • Pinteur,Cerdas: Kecerdasan intelektual keudah ditunjang ku kacerdasan emosional

sareung kacerdasan spiritual.Insa Alloh keputusan nu di kaluarkeun ku Akang ngagaduhan kualitas nu sae.Sae saur pamarentah,sae saur masyarakat,oge sae saur agama.

  • Ngagaduhan visi kapayun : Dina hartos keudah inovatif supados urang di katagoriken

pamimpin nu cepet dina bertindak.Tapi sanes hartosna ngahilapkeun nu tos kalangkung. Sakeudik ngutip parnyataan Cak Noer “Sembari menggali nilai-nilai baru yang lebih baik kita tidak harus meninggalkan nilai lama yang masih berharga“Margi nilai lami ieu mangrupi pangalaman anu tiasa dijanteunkeun acuan kanggo urang dina bertindak.

  • Ide,Inisiatif : Pamingpin keudah janteun motor penggerak kanggo micu potensi SDM anu aya.Ngajanteunkeun hasil anu nyandak mamfaat kasarerea.Kanggo kamajeungan eta pamingpin keudah ngamunculkeun ide-ide kreatif,teu monoton,dinamis.
  • Kompeten : Gaduh kahoyong sareung kamampuan,paminpin keudah gaduh kamampuan secara teori,rancage tina gawe sareung mampu ngabuktikeun teorina ku hasil gawe.
  • Adil : Ulah condong kasalah sahiji pihak,cohagna ulah ponteng kanu koneng ulah cueut kanu hideung.Adil sanes hartosna keudah rata sami,tapi keudah sesuai porsina,objektif.
  • Wantun ngambil resiko : Pamingpin ulah ragu –ragu dina ngambil kaputusan,sikap ragu-ragu bakal nyababkeun ancurna kapercayaan public.
  • Teu aya basa basi,langsung kana pasolan : Kedah rancage dina gawe,cepet,tepat hasilna hebat.Pinteur ngadelegasikeun jeung ngamotivasi SDM.

        Hapunteun anu kasuhun sanes mamatahan ngojay ka meri.Simkuring percanteun dina diri Akang Dalem sagala nyampak.Naon anu disanggeumkeun diluhur,Akang duaan parantos uninga.Ieu mah mung pangemut-ngemut sareung tawis kadeudeuh ti putra. Pamungkas ti simkuring ulah ngareup-ngareup pujian salami Akang ngajabat.Malih siapkeun diri akang duaan,nampi cacian,emut akang the nuju diluhur,nuju ditonton. Pamingpin anu agung nyaeta nu siap nampi saran sareung kritikan dina kaayaan dada anu lapang,jembar.Sakitu nu kapihatur.                       

Topic: Surat Pembaca

Date: 10/11/2011

By: teddy s

Subject: situasi,kondisi birokrasi

menyimak kondisi khususnys menyangkut pejabat eksekutif maupun legislatif sa,at ini sangat menjijikan. isu yg sedang panas tentang setda sewajibnya para wakil rakyat cepat tanggap dan segera mengambil langkah kongkrit. apalagi ada indikasi banyak kroni setda yg menjadi mafia birokrasi posisi dan jabatan bahkan mafia proyek itu sudah bukan menjadi rahasia lagi.menjijikan memang....